Senin, 03 Februari 2014

(Dongeng Jalma biasa/Farabel)

Dongeng Santri Bodo
Aya santri pohara beletna. nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrěn, can ngalaman hatam Al Qur-an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al Qur-an, jampě solat oge ukur baě bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pang pinterna. Kabějakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrěn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng maněhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ěra sorangan. Êra ku sasama santri, isin ku ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaěra, hiji poě maněhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rěk terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita : “Ajengan abdi seja amitan, badě mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang teh mulang kumaha, apan lain waktu perě?” tembal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrěn. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrěn, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara maněhna ngarti.
“Ulah maněh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hěg diajar leuwih rajin.” saurna deui.
Tapi maněhna keukeuh měnta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrěn, mending sagawě-gawě di lembur. Diajar něangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rěk iraha maněh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badě ěnjing saatosna solat Subuh,” cenah, teu poho měnta didu’akeun.
Isukna, rebun-rebun pisan maněhna ninggalkeun pasantrěn. Ti pasantrěn ka lemburna těh, lilana kira-kira sapoě. Sajaba ti ěta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poě kakara meunang satengahna. Hartina sapoě deui, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa capě, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gěk diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kaděngě teh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capě, guher maněhna sarě tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rět ka luhur, panonpoě mimiti děngděk ngulon. Kop kana bekel bawana. Rěngsě dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat maněhna reureuh. Běrěs wudu solat Lohor, luhureun batu lěmpar.
Tah, waktu maněhna solat, sora cai nyakclak kaděngěna beuki jelas. Clak ….. clak….. clak…….., cenah, siga meunang ngatur. Měh baě solatna batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditěangan, brěh …. katěnjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, měměh ragrag ninggang batu lěmpar.
Ieu geuning asal datangna sora těh, gerentesna. Ngan ědas mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tikna jarum jam. Kalakuan cai ku maněhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu těa.
Ana diteges-diteges, geuning batu anu kacakclakan cai těh, nepi ka legokna. Hěg ku maněhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karargragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pědah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa ělěh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.
Harita kěněh manehna ngagidig, seja balik deui ka pasantrěn. Jero hatěna jangji rěk leuwih rajin diajar. Cenah ěta boga uteuk kacida beletna, rěk nurutan laku cai. teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kěněh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun kataěkan.
Kajurung ku sumanget rěk diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh měměh Magrib těh geus datang deui ka pasantrěn. Rasa isin, duměh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aěh, geuning ilaing !” Ajengan kagět nenjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Měměh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula maněhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaěta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka ěta batu jadi legok.
“Piraku abdi, manusa, kudu ělěh ku cai,” cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrěnna teu burung tamat. Kabějakeun ěta santri belet těh, nepi ka boga pasantrěn gedě, sarta sohor ajengan luhung ělmuna.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar